SUNGKEM
PARA ALUMNI ANGKATAN
KE II
MADRASAH ALIYAH
MADINATUNNAJAH
Ka dulur-dulur
anu sami rawuh,baraya anu sami lenggah,sim kuring sateuacan ngiring jabung
kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka,wiréh simkuring sanés pujangga anu
ahli ngaréka basa,sanés sastrawan anu ahli dina ngaraéh caritaan.
Kumargi kitu
paralun maklum anu kasuhun,hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu
acara kirang nyorang kana kakedahannana.
Ka para ahli
ngukir sya’ir,pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios simkuring
neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan
manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat
Asma Pangéran, Dzat anu Maha Welas tur Maha Asih. Seja kaula ngawitan
mituturan para siswa anu kiwari bade ngantunkeun ieu sakola................
Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung Kasép, Geulis..............
Bapak ibu nu
saestu ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangabaktos
tawisna hormat tilawat ka ibu miwah ka bapak.
Mugi kersa
nampi ieu abdi nu ageung karumosan rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan karaos
kanyaah guru, dina waktos ngawulang elmu panemu ti bapa miwah ti ibu.
Bapa,........ibu................,dinten
ieu abdi sumanggem dipayuneun bapa sareng ibu,mung seg manah tiasa di buka
nyaksian lambey nyarios,asa sesah abdi ngantunkeun, asa sesah kanggo ngalengkah
abot kusono, abot kunyaahna abot ku kadeueuh, netesken,katresna,ngatik ...
ngadidik,,tanwangen sanes kanten bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin kaheman bapa
kalih ibu wening ku asih sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana.
Bapa, ibu.............
Abdi
hampura,tikawit kelas hiji dugi ka ayeuna lulus geus pasti seueur ngarepotkeun,
ka bapa loba pisan ngeselkeun, ka ibu mereun handeueul manah bapa,boa hanjelu
manah ibu ku abdi sadayana ka tampi kiwari abdi pasrah pa,..... abdi rido bu ......abdi
ikhlas diomelan ayeuna,abdi rela di cacapak poe ieu kajengkel, kageuleuh,ka
keuheul bapa jeng ibu heg tibakeun ka abdi nyanggakeun sadaya-daya, abdi
pasrah….hampura pa,...hampura bu,........ hampura ka sadayana
Cuma ini yang
bisa kami lakukan bapak
Cuma segini kemampuan kami ibu
Kami ingin yang terbaik
Tapi kami tak pandai berbuat banyak
Hari ini saya memohon, saat ini kami meminta
Peluk kami pak,..... peluk kami bu.....
Do’akan kami bapak,..... do’akan kami ibu......
Wilujeng paturay bapak, wilujeng kantun ibu
Ya Allah.....pangeran abdi sadaya
mung du’a ti bapa kalih ibu
hirup kumbuh di dunya sing rawuh walatra
amin ...ya ..allah ya...roball alahin
GURU.......
Anaking . . .
kalayan clak putih clak herang, caang bulan opat belas,najan teu penta tong
salempang tong hariwang, bapa ibu ngahampura pisan.
Anaking . . .
simet dieu bapa/ibu jajap, poma ulah
leutik hate, palias bapa lain teu melang ngan doa bapa tetep marengan hidep
sadaya. Bral anaking geura tandang, cruk-cruk elmu nu luhung nyiar luang keur
patandang, elmu nu luhung kasakti diri, hirup hurip muga mulus, pait
daging pahang tulang. Ngan mihape ceuli jeung mata,jaga diri, kulawarga jeung
lembaga.Bral geura papag poe nu bakal datang, ulah beueus ku diteuteup, ulah
keueung ku disorang, pancegkeun hate jeung kaimanan.
Pileuleuyan
anaking pileuleuyan . . . bral hidep geura miang, geura tandang makalangan
pikeun nyungsi pangarti nu leuwih.
anaking murid bapak jeung ibu
katampi sungkem hormat hidep kasep,..... geulis......
tong melang tong salempang
sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura
ku ibu miwah kubapak
jung nangtung kamanggung
mugia apanjang apunjung
geura teuleuman elmu panemu
sing kapanggih mutiara bagja
ngajul bentang lain kuasiwung
tapi ku elmu anu linuhung
kiwari nitih wanci nu mustari,
ayeuna datang mangsana
geus tamat lalakon hidep
nyiar elmu di ie sakola
bral, geura miang kasep,...... geulis.......
mugi laksana sagala cita-cita………….